Sabtu, 27 Maret 2010

FORMULIR PENDAFTARAN



KUNFAYAKUN

SUKABUMI HYNOTISM COLLEGE
Alamat: Jln. Sudirman RT 02/ 17 Jajaway Palabuhanratu, Sukabumi Telp. 085720705874

Formulir Pendaftaran

Yang bertanda tangan di bawah ini, saya:
Nama Lengkap                :……………………………………………………
Tempat Tanggal lahir      :……………………………....................................
Agama                            :………....………………………………………....
Pendidikan Terakhir       :…………………………..……………………..…
Pekerjaan                        :……………………………………………………
Alamat lengkap               :……………………………………………………
                                       ………………………………………………..…...
                                       …………………………………………………….
                                      Telp.no………………………..
Mengajukan permohonan untuk dapat diterima menjadi anggota: “The Member of Sukabumi Hypnotism College
Dengan harapan  bahwa saya ingin dapat mengaflikasikan tenaga dalam untuk dapat menguasai ilmu hipnotis sesuai dengan motivasi saya.

                                        Palabuhanratu,……………………………….2010
                                        Pemohon;

                                        …………………………………………
Motivasi saya belajar hipnotis adalah………………………………………………………………….
…………………………………………………………………………………………………………………..

Jumat, 12 Maret 2010

Tarekah nyingkahan kajahatan hipnotis

1) Naha enya kajahatan hipnotis teh aya?

Ceuk beja nu dibejakeun deui:
“Tibangditepak tak tak beulah kenca……….langsung kuring leungit kasadaran, terus nurutkeun kana pamenta manehna.”
“Tibarangngambeu haseup rokok nu ngebul hareupeun irung……….kuring langsung linglung.”
“Ujug ujug tarang kuring diusap……………kuring langsung asa ngimpi.”
“Ti saprak paadu teuteup……………….kuring langsung teu eling.”
“Ngadadak sirah beurat panon cepel tuluy aya nu nanya…………..ti dinya mah inget inget keur diuk nyanghujar di hareupeun toko nu nutup, perhiasan, dompet jeung HP teuing kamana”

2) Kumaha proses molongona panto alam bawah sadar manusa?

Sangkan leuwih jentre kumaha lumangsungna kajahatan hipnotis nu matak ngarugikeun tea, supaya urang bisa nyingkahanana tangtuna wae urang kudu apal heula mekanisme proses molongona alam bawah sadar manusa.
Urang salaku jalma nu waras kudu mikir; naha ari penjahat hipnotis apal kana ieu pasualan malah bisa ngamangfaatkeunana?? tangtuna wae urang kudu leuwih nyaho kana ieu pasualan!.
Sacara alami panto alam bawah sadar bisa muka jeung nutup ku sorangan tapi aya kalana eta panto teh engab atawa molongo malah ngajeblag ku sorangan, iraha waktuna jeung kumaha prosesna? Ieu diantarana:
  • Waktu urang kabengbat ku hiji barang atawa hiji pasualan nu matak kataji; bisa ku barang nu katempo meni molohok, atawa ngabandungan omongan anu topikna matak pikabitaeun.
  • Waktu urang ngawangkong jeung jalma nu bisa dipercaya atawa hormateun; bisa inohong nu dipikameumeut, sobat dalit, kolot urang, guru, pokona ngawangkong jeung saha wae anu dianggap boga pangarti leuwih luhur sarta urang respek ka manehna.
  • Waktu urang ngalamun pinuh ku pangharepan, hayang leuwih beunghar, hayang leiwih geulis, hayang cageur tina kasakit, hayang anu hayang anu.
  • Waktu urang rumasa jadi jelema nu pangjelemana; upamana kaluar ti ATM BCA bari mawa dompet pinuh ku duit, kaluar ti mall mawa balanjaan nu aya merekan, kaluar ti salon kecantikan bari meunang dangdan.
  • Waktu urang empati kusabab ngadenge beja anu emosional; upamana ngadenge beja kolot maot, anak katabrak ojeg, atawa informasi ngadadak nu pikasedieun sejenna.

  • Waktu urang rileks/santai; upamana santai nonton acara TV, santai kakawihan, heheotan, tatalu, edeg.
  • Waktu urang “blank” (kasima) kusabab nyanghareupan inohong anu kharismatik atawa nyanghareupan jalma anu pikasieuneun, atawa papanggih jeung jurig anu buleungkeukan.
  • Waktu urang geumpeur kusabab nyanghareupan pasualan anu ngadadak tepi ka urang teu bisa mikir; upamana rek katabrak, ditangkeup nu gelo, ditilang ku pulisi, katohiyan, jeung sajabana.
  • Waktu urang nandangan tunggara, kusabab kaedanan, kaliwara, kaliweri, dipocot tina hiji pagawean, jeung sajabana.

3) Bedana alam nu pinuh ku kasadaran jeung alam bawah sadar

Alam sadar nya eta alam anu pih ku logika, kritis, logis, sedengkeun alam bawah
Sadar Biasana teu logis teu kaharti ku akal sehat. Tah lamun jelema keur aya dina alam bawah sadar manehna teu bisa berpikir logis sarta babari pisan kabawa ku sakaba kaba kaasup gampang pisan keuna ku pangaruh hipnotis nu matak ngarugikeun tea. Kajahatan hipnotis intina ngagiring jalma ka alam awah sadar malah nepika teu sadar



4) Tarekah pikeung ngungkulan jeung nyingkahanana

  • Kudu salawasna waspada, utamana di tempat umum anu terbuka; penjahat hionotis bakal ngamangfaatkeun ieu kaayaan sabab logika urang moal boga sangka curiga, logika urang boga panyangka yen urang aya dina rasa aman. Penjahat hipnotis tangtuna wae diluar perkiraan urang; tampilanana jiga eksekutif malah penjahat hipnotis biasana tabur pesona boga tampilan anu matak simpati dina dangdananana.
  • Mun urang keur nyorangan di tempat umum (di pasar, di mall, di terminal, di parapatan jalan, jeung di tempat sejenna) poma ulah rek mairan atawa ngajawab pertanyaan anu ditanyakeun ku jelema ragem (leuwih ti duaan) jawab sing pondok sarta pegatkeun wangkongan, tangtuna wae ku cara nu sopan saha nu nyaho eta jelema teh lain penjahat hipnotis. Pertanyaan nu datang nurugtug ti rageman bakal nganteur urang jadi “confuse” kadituna jadi “blank”.
  • Lamun kaparengan aya nu nepak atawa noel sakumaha kagetna oge poma ulah ancrub kana obrolan jeung eta jalma. Geuwat alih keun paniten kana hal sejen upamana wae ngeupeulkeun panangan satakerna, atawa nikelkeun letah ka beulah luhur/kana lalangit, geuwat nyingkah ulah mere kasempetan keur ngawangkong.
  • Poma kudu ati ati upama aya nu nanawarkeun kauntungan anu matak uruy, sing eling jeung waspada moal aya perkara anu bakal untung ku enteng gunakeun logika normal sarta ulah jauh teuing ancrub kana wangkongan anu diajak ku manehna. Lamun urang geus kabengbat ku eta wangkongan tangtuna wae alam bawah sadar urang molongo asup kana kondisi hypnosa.
  • Upama urang keur aya di tempat umum poma ulah ngaladenan nu ngajak ngawangkong bari nu diomongkeunana teur kaharti, teu logis. Geuwat eureun tina wangkongan sarta ngejat ti dinya sabab penjahat hipnotis biasana parigel nungtun obrolan nu teu kaharti ge jadi matak kataji balukarna uteuk urang jadi teu kritis. Mun urang teu kaburu nyingkah geuwat milampah pagawean anu bisa ngalihkeun perhatian; upamana wae sms sabari suku urang disilangkeun eta teh pertanda simbol nutupna alam bawah sadar.
  • Lamun jantung ngadadak ratug, seueul jeung sarebel upama ngawangkong jeung jalma nu anyar pinanggih atawa ngajawab pertanyaan manehna, bisa jadi eta jalma anyar pinanggih teh keur ngirimkeun energi negatif anu disebut subtle energy aya oge nu nyebut energy gendam; geuwat nagog atawa sideku dua dampal leungeun rapetkeun kana taneuh (grounding) maksudna miceun atawa nganetralkeun energi negatif kana inti bumi.
  • Lamun urang keur cicing dumadakan tunduh teu puguh karuh sarta karasa sirah beulah kenca beurat, atawa panon cepel sok sanajan teu ngarasa tunduh, bisa jadi aya penjahat hipnotis di sabudeureun urang anu keur ngirimkeun energi telephati sakadar ngetes kana aura perlindungan urang.Geuwat mepet napas kana puseur bari nenjrag bumi tilu kali bisa oge ku cara ngahijikeung ramo dua dampal leungeun sarta dampalna balikeun ka luar, atawa babatek ngalakukeun gerakan naon wae bari geuwat aktifkeun fikiran urang (sing eling). Energi telephati moal efektif lamun urang aktif fisik jeung pikiran urang.
  • Keur jalma nu gehgeran atawa bengbatan poma kudu leuwih ati ati sarta ulah dibiasakeun iinditan ka tempat umum sosoranganan. Naha? Sifat gehgeran hiji ukuran yen urang teu bisa ngontrol alam bawah sadar anu sakuduna dibunikeun tea. Ku sabab kitu penjahat hipnotis bakal leuwih gampang nalukeun jalma nu gehgeran,

NGEUNAAN HIPNOTIS


Nepi ka kiwari kecap hipnotis di nagara urang sacara umum masih  dianggap boga ajen geuneuk meuleukmeuk malah  loba oge nu mere ajen hideung, eta hal eta kusabab  urang sarerea geus nyakompet daunkeun nganggap goreng kana eta hal. Balukarna kecap hipnotis teh teu kabagean ajen bener.
Padahal upama kuurang diteuleuman; eta hipnotis teh loba pisan mangpaatna diantarana:
  1. Hypnoteraphy; mangpaat hipnotis keur ngungkulan sawatara kasakit nu patali jeung  “kejiwaan/psikosomatik” saperti darah tinggi, maag, alergi, stress, depresi, trauma, fobia, insomnia. Jste.
  2. Hypnoanastesi, mangfaat hipnotis keur ngungkulan  rasa nyeri nu tumiba kana badan, di luar negeri loba digunakeun ku doktor gigi, doktor bedah, doktor kandungan jeung doktor ortopedi. Ku tukang pijit bisa digunakeun keur ngaleungitkeun kanyeri ka nu misalah atawa potong tulang.
  3. Hypnosis for dummies, mangfaat hipnotis keur hiburan contona wae  geus jadi pagawean sapopoe keur Si Romi Rafael, Dedi Coorbuzear, Uya kuya.
  4. Forensic hypnosis,  mangfaat hipnotis  keur aparat penegak hukum (pulisi) keur ngaintrograsi sakitan.
  5. Metafisical hypnosis, mangfaat hipnotis keur nyampurnakeun jalma jalma anu mahiwal (indigo) oge nu patali jeung alam supranatural (mistic,magic).
  6. educational hypnosis, mangfaat hipnotis keur dunia kependidikan biasa digunakeun ku guru BP/BK keur narekahan budak bangor, budak badung, budak panjang leungeun, budak ngedul sakola, jeung sajabana
  7. Self Hypnosis, mangfaat hipnotis keur “ngendalikeun” emosi/jiwa, alam bawah sadar secara pribadi, sok biasa dipake  mamatahan ngayakinkeun kana kamampuhan sorangan.(meditasi, yoga)

Sabtu, 06 Maret 2010

SOLUSI SUPRANATURAL

Melayani :
Konsultasi Supranatural, Pelatihan Pencak silat, tenaga dalam Dan Hypnotism, penyembuhan alternative untuk ganguan mental, gangguan guna-guna, ganguan jin. Theraphy Hypnotis untuk keseleo tanpa rasa sakit, defresi, stress, insomania, amnesia, fobia, trauma, nervouse. Theraphy ruat dan penyelarasan energi untuk orang indigo, pembukaan cakra aura dan indra ke enam, dll

Hubungi kami :

Dadang, S.Pd
(Abah Asri)



Alamat: Jln Sudirman (Jajaway) Rt. 02 Rw. 17 Palabuhanratu Kab. Sukabumi
Phone. 0266 432 483
Hp. 0856 5947 0218 / 0881 1542 0728 / 0857 2070 5874